lima belas menit


Manah sim kuring d uji deui. Ti sonten dugi weungi eta pesen pondok ting murudul. Aya ku atoh yen eta pesen pondok (*red SMS) dikintun ti pujaan hate, ngan ku ngenesna eta isi kekeuh matak ngadatangkeun kakaheul. Gusti ning kadedeuh nu dipikanyaah teh ngajakan wae pipaseaun, kuring ge apal eta mamaksadan teh mung ukur nguji tapi nu mana nu herey jeung bener teh teu kaciri. Ku kuring d waler, angger teu matak ngubah kalahkah beuki araneh. Nyobaan dikontak eta nomer nu katulis dilayar handphone mah "My Husband". Aeh aeh kalahkah di rijek'an ku anjeuna. Rembay deui ci soca ngamundurkeun niat kuring, teu kiat ngalakonana deui. Cacaritaan nu kamari kasuat-suat deui, janji nu dipiharepkeun luntur.
Wancik sim kuring ka hudangkeun ku ngimpen, na impenan mimilu keneh cacaritan nu kamari. Kuring langsung nempo jam tina hp tapi na eta layar hp kalah aya gambar surat tulisana 3 message. Ku kuring dibuka, bet eta eusina nu kitu deui. Ku kuring di telepon deui ka eta pengirim, ngan anggeur teu diangkat.
Hate masih teu merenah, komo ieu awak bawaana teu puguh,da resiko istri nu nuju pamengan sok sensitif, ditamabah ujian nu kamari can aya penyelesaiana. Kuring mutuskeun moal nginget-nginget deui, mulai ngalakona ieu poe rek bangkit.
Teu disangka, nu dipikaasih dipikawelas dongkap ka bumi. Kuring reuwas, kuring atoh, tapi kuring keheul keneh ka anjeuna. Serba salah kuring nyangharepan manehna.
Lima belas menit, ngan saukur sakitu kuring jeung anjeuna paamprok. Aya kuhanjakalna kuring boga sifat nu teu patut di tembongkeun, tapi ges kudu kumaha eta kajadian ges ninggalkeun caritaan anyar. Hayang ceurik ngingetna ge, kuring teh nyaah naha bet kalah jadi kieu,posisi kuring tetep nu salah wae. Anjeuna embung ngeleh kekeuh ku jaimna.
Tipoe ka poe tetep cacaritaan eweuh bedana, akur pasea hereuy serius, tapi resep oge kuring mah, ngan balik deui ieu hate asa diulinkeun. Kuring ge asa tertekan lamun kaayaan digugulung ku egois manehna, kuring tarimakeun kakurangan kuring yen kitu ayana. Tapi kuring ge emut kana eta janji, kuring ge lalaonan bisa ngubah sifat kuring, tapi hiji pamenta ti kuring, hayang pisan kuring akur deui ngan kudu babarengan saling ngubah sikap.

Berikan aku sebuah hati yang sungguh mencintai-Mu, sehingga aku mencintainya dengan cinta-Mu, aku tidak meminta seseorang yang sempurna, tapi aku berusaha membuatnya sempurna di mata-Mu...
Maha Besar Allah yang telah memberiku seseorang yang dapat membuat hidup aku menjadi sempuna

0 komentar :

Posting Komentar